Jumat, 26 Oktober 2012

identitas sinareng harapan abdi

Nami abdi Riri Amelia, abdi dibabarkeun di Ciamis,04 Mei 1996. Dina urutan kulawargi abdi teh nyaeta putra ka-5 tina 5 bersaudara. Ayeuna abdi kelas XI IPA 1 di SMAN 1 Panawangan, saleresna abdi teh tadi na mah moal neraskeun sakola ka SMA sabab ibu rama abdi teh teu sanggemeun ngabiayaan sakola abdi, tapi untung aya pun lanceuk anu masih peduli kana masa depan abdi jadi abdi tiasa neraskeun sakola ka SMA.


Tujuan abdi sakola ayeuna teh nyaeta sangkan abdi tiasa jadi jalmi anu cerdas sareng sangkan abdi tiasa meunangkeun Bidikmisi kangge neraskeun sakola ka Perguruan Tinggi jurusan "kedokteran" anu dicita-citakeun ku abdi ti kapungkur, nepi ka abdi tiasa janten Dokter Spesialis Anak. Tujuan nu sanesna nyaeta hoyong tiasa ngabanggakeun jalmi anu atos rela ngabiayaan sakola abdi sareng atos merhatikeun masa depan abdi.

Hatur nuhun kak, abdi moal hilap kana sadaya anu atos dipilampah ku anjeun ka abdi ayeuna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar